Pages

30 April 2008

Ulah Nyapirakeun Perkara Anu Teu Pira

RINGKESAN :

Rosululloh SAW. ngadawuhkeun dina salah sawios Haditsna anu unggelna :

"Anjeun ulah rek nyapirakeun tina rupa kahadean kana naon bae perkara”.

Tina Hadits anu ieu tiasa dipaham yen urang ulah nyapirakeun hiji perkara sanajan eta perkara dipandang hina sabab urang teu uninga dimana aya Ridlona Alloh SWT. Nyakitu deui sawangsulna ulah rek nyapirakeun tina rupa kagorengan kana naon bae perkara sanajan eta kagorengan dianggap hina sabab urang teu apal boa-boa dina eta perkara teh ayana bebendu Alloh SWT. Sahingga jadi sabab cilakana diri dina naraka.

PENJELASAN :

Dina raraga milampah hirup di alam dunya urang sebagai hamba Alloh kudu leuwih ati-ati dina ngalakukeun hiji perkara, ulah wani nyapirakeun tina hiji kahadean sok sanajan eta kahadean dianggap hina, saperti nyapirakeun Infaq, Shodaqoh, Sholat awal waktu berjama’ah jeung sajabana.

Aya kisah anu bisa dijadikeun conto ; hiji awewe urang Bani Isro’il anu profesina jadi pelacur dina hiji waktu manehna keur aya di perjalanan. Kulantaran ngarasa halabhab (haus) manehna neangan sumur cai anu tujuanna pikeun ngaleungitken rasa halabhabna. Dina waktu rek turun ka sumur cai katempo aya anjing anu letahna ngelel ker kahausan hayangeun nginum kusabab sumurna jero eta anjing teu bisaeun turun tapi ngan saukur bisa nempokeun cai tina luhureun sumur, timbul tina rasa karunya jeung nyaah eta awewe teh turun ka sumur cai bari ngudar sapatuna anu dijadikeun wadah pikeun nyiuk cai tului eta cai diinumkeun ka anjing. Menurut para Ulama tina sabab laku lampah eta awewe, dosa anu pernah dilakukeun salila hirupna dihampura jeung meunangkeun Rohmat Alloh SWT.

Aya deui tina sapalih contona nyaeta Imam Ghozali dina saba’da pupus, anjeunna kaimpenkeun ku salah sawios sahabatna. Imam Ghozali ditaros :
"Tos midamel naon Alloh ka anjeun ?”
Imam Ghojali ngawaler :
“Kuring teh ditempatkeun di payuneun Alloh (tempat anu Mulya)”
Teras Alloh sasauran ka Imam Ghojali :
“Ku naon sababna anjeun ditempatkeun dina tempat anu Mulya?”
Imam Ghojali ngawaler :
“Ku 'amal tina ladang geus ngarang kitab, Sholat Tahajjud, Sholat Dluha jeung sajabana”
Teras Alloh ngawaler :
“Kuring henteu nampa amal anu eta tapi ku pedah dina hiji waktu anjeun keur ngarang kana hiji kitab aya laleur anu euntreup dina mangsi anjeun hayangeun nginum tuluy anjeun eureun heula tina ngarang kitab mere kasempetan pikeun laleur nyerot kana eta mangsi”.

Tina sapalih kisah anu ieu urang sebagai hamba Alloh anu miharep kana RidloNa ulah wani-wani nyapirakeun hiji perkara sanajan eta perkara dipandang hina, sabab urang teu apal naha dina eta perkara teh aya Ridlona Alloh atawa bebendon Alloh.

23 April 2008

Kuatkeun 'Aqidah, Tanjeurkeun Syare'at

RINGKESAN :

Aya dua rupa perbedaan dina Islam :

1. Perbedaan 'Aqidah
2. Perbedaan cara ibadah

PENJELASAN :

Peryogi diuningakeun bahwa secara global dina Islam teh aya dua perbedaan :

Kahiji, Perbedaan 'Aqidah anu bakal ngakibatken dua perbedaan di Akherat, nyaeta jadi ahli Sawarga salawasna sarta moal kaluar deui tina Sawarga, aya deui anu ngakibatkeun bakal ngajadi ahli naraka salawasna tur moal kaluar deui tina naraka samisal kapercayaan ka Alloh marengkeun percaya ka lian Alloh (Musyrik) atawa salah ngaNabi boh sama sakali henteu ngaNabi ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW. atawa marengkeun ngaNabi ka lian Nabi Muhammad SAW. samisal ka Mirza Gulam Ahmad jeung lianna atawa oge teu percaya kana Al-Quran atawa kana Al-Hadits jeung rea-rea deui sajaba ti eta.

Kadua, Perbedaan dina cara ibadah anu sok disebut Khilafiyyah samisal perbedaan Qunut jeung teu Qunut dina Sholat Subuh, perbedaan ngucapkeun Niyat (Usholli...) dina samemeh Sholat jeung sajabana. Perbedaan anu ieu mah henteu ngakibatkeun bedana pangbalikan di Akherat, sadayana oge jadi ahli Sawarga, ngan pedah pikeun anu pernah ngalakonan ma’shiyat sarta teu meunang hampura ti Alloh SWT. eta mah samemeh asup ka Sawarga teh disiksa heula dina naraka. Lila jeung sakeudeungna dina naraka eta saukuran gede atawa leutik dosa dirina, ngan kabeh oge ari siksa mah teu aya anu teu nyeuri.

Ku hal sakitu kuatkeun 'Aqidah, tanjeurkeun Syare’at di diri pribadi, dulur-dulur jeung babaturan salembur, ka beh dituna babaturan sanagara.

09 April 2008

Nyukuran Ni'mat Ti Alloh

RINGKESAN :

Sikap manusa kana ni'mat anu ditarima ku dirina :

1. Anu bisa ngalap manfa’at tina eta ni’mat
2. Teu bisa ngalap manfa’at bahkan dirina kabawa ku fitnah ni’mat

Bisa atawa teu bisa ngalap kamanfa’atan, syareatna kumaha pembuktian dirina dina ngupayakeunnana, saperti moal bisa ngalap manfa’at mun teu apal timana eta ni’mat, moal apal timana hakekat eta ni’mat lamun can bisa pisah jeung salian nu mere ni’mat.

Langkah awal pikeun bisa ngalap manfaat tina ni’mat, sing bisa ngabuktikeun hiji waktu pikeun sagala anu aya di diri wungkul pikeun mayun ka Alloh.

PENJELASAN :

Dimana Alloh nepikeun ni’mat ka manusa boh dunya atawa diniyyah. Conto ni’mat dunya saperti awak sehat, kasab lancar, kulawarga sejahtera, hutang lunas. Conto ni’mat diniyyah saperti ibadah ngarasa betah, karasa ni’matna tho’at.

Jalma anu bisa nampa eta ni’mat kabagi dua bagian :

1. Cerdas pikiran
2. Cerdas kajiwaan

Sabab aya anu cerdas pikirannana tapi bodo kajiwaannana, jalma anu cerdas pikiran mah dimana-mana aya nu mere ni’mat pasti bakal berfikir kudu mulang tarima ka nu mere eta ni’mat. Jalma anu cerdas kajiwaan mah lamun aya nu mere ni’mat bakal prak migawe mulang tarima (syukuran) ka nu mere eta ni’mat, Ilustrasina caangna ruangan ku pedah dibuka jandelana tapi hakekatna lain ku pedah dibuka jandelana balikta ku sabab ayana cahaya panon poe. Pang bodo-bodona jalma anu pola pikirna netepkeun caang dina ruangan ku pedah jandelana muka, ngeuweuhkeun cacaang cahaya panon poe, nyakitu deui pang bodo-bodona jalma anu diwowoy ku Alloh ku rupa-rupa ni’mat tuluy manehna teu ngarasaeun sabab Alloh can pernah nyabut kana eta kani’matan, conto dibere sehat huntu tapi teu ngarasa boga huntu sehat sabab Alloh can pernah mere ngasaan nyeri huntu nepika manehna poho ka Alloh anu mere huntu sehat.

Supaya urang bisa ngarasa ngeunahna eta ni’mat, urang kudu bisa Ihtisabunnafsi anu buahna urang bakal tiasa manggihkeun hakekat saha anu mere ni’mat.

Mudah-mudahan urang dijadikeun ku Alloh jadi jalma anu cerdas pikiran tur cerdas kajiwaan. Aamiin.