Pages

27 Maret 2008

Husnuddlon Ka Alloh

RINGKESAN :

Di antara kawajiban pikeun jalma anu Mu’min nyaeta Husnuddlon lillah, hartosna alus sangka ka Alloh. Aya sababaraha cara pikeun ibadah ka Alloh :

1. Ku jalan ngama’rifatkeun kana Sifat jeung Asma Alloh.
2. Ku jalan nafakuran ni’mat-ni’mat ti Alloh anu parantos dipasihkeun ku Anjeunna.

Cara anu ka dua mangrupakeun cara anu panggampangna dilakukeun ku sarerea.

PENJELASAN :

Di antawis kawajiban hate anu kudu dipimilik ku Muslim yaeta alus sangka ka Alloh dina papasten anu hadena (cocok jeung kahayang) sareng dina papasten anu awonna (anu teu cocok jeung kahayang).

Pasti di balik eta aya hikmah dimana kamaslahatannana balik deui kana diri pribadi anu ngarandapannana. Ulah rek boga sangka goreng ka nu Maha Suci dina situasi anu kumaha bae, rek jembar atawa henteu pokona naon bae anu ditibakeun ku Alloh ka diri pasti aya hikmah jeung kamaslahatannana asal urang bisa nandeannana.

Moal aya hiji kajadian anu tiba ka diri kajaba aya shirotna, teu meunang aya jiwa su’uddlon ka Alloh. Lamun alus sangkana ka Alloh maka takdir anu tumiba kana diri bakal ngeunah, lamun goreng sangka ka Alloh maka taqdir anu tumiba ka diri bakal goreng.

Menurut penelitian ahli jiwa, naon anu aya dina pikiran bakal terjadi. Lamun anu dipikirkeunna hade maka bakal hade. Maka tetep tawakal ka Alloh sabab naon bae anu aya dina pikiran eta bakal mempengaruhi kana kaayaan husnuddlon ka Alloh, anu mana eta teh kedah dijaga. Carana aya dua :

1. Ku jalan ngama’rifatkeun Sifat-sifat sareng Asma Alloh. Alloh teh anu Maha Rohman anu berarti sagala perkara anu tumiba ka diri timbul tina Sifat Rahman jeung Rohimna Alloh. Paling henteu tindakan kolot kanu jadi budak lamun didasarkan ku rasa nyaah sok sanajan dijiwir, ku balas dasar nyaah jadi we maslahat eta budak sanajan ngarasa diteung-teuingan ku nu jadi kolotna. Kitu deui hamba anu teu bener maka dimana-mana dibere takdir ku Alloh anu kurang pas jeung kahayang manehna maka bakal ngarasa diteung-teuingan ku Alloh. Manusa mah lamun keur sangsara ibadahna sok getol, tahajudna getol, sholatna getol. Berarti eta ciri elingna ka Alloh ku jalan dibere heula cocoba ku Alloh. Hisi ngarasakeun nyaah ti Alloh terutama dimana menang tindakan ti Alloh.

2. Nafakuran anu geus dipidameul ku Alloh ka diri ti mimiti lahir, naha urang tina rahim ibu mawa sawah ? tah rizqi jeung sagala rupana Alloh anu bakal nanggung jawabna,doraka hukumna dimana-mana urang su'udlon ka Alloh.

Urang sebagai hamba Alloh wajib husnudlon ka Alloh anu kudu dijaga ku salah sahijina anu dua ieu.

Mudah-mudahan urang salalawasna aya dina rahmat Alloh SWT. Aamiin yaa Robbal 'aalamiin.

26 Maret 2008

Sifat Manusa

RINGKESAN :

Aya dua sifat anu moal bisa leupas tina diri manusa. Aya sifat anu dipuji ku Alloh (Mahmudah), aya sifat anu dipoyok ku Alloh (Madzmumah).

Sifat anu dipuji ku Alloh diantarana :

1. Tawadu’
2. Khusyu’ dina ibadah
3. Ta’dhim li amrillah
4. Hifdu
5. Khauf
6. Ikhlas dina ibadah

Ieu mangrupakeun sifat anu ngadeukeutkeun diri jeung Alloh.

Sifat anu dipoyok ku Alloh diantarana :

1. Takabur
2. Ujub
3. Riya
4. Sum'ah
5. Hikd
6. Hasud
7. Hubbul jah
8. Hubbul mal

Sifat ieu mangrupakeun sifat anu ngajauhkeun diri jeung Alloh.

PENJELASAN :

Sifat Mahmudah mangrupakeun sifat anu dipuji ku Alloh, sifat Madzmumah mangrupakeun sifat anu dipikabendu ku Alloh anu timbulna tina nafsu sarta geus jadi watek syetan.

Diantara sifat Madzmumah nyaeta Ujub, anu hartina ngangken diri bakal jadi ahli surga. Riya, hartina ngalakukeun pagawean akherat anu dasarna lain ibadah ka Alloh tapi karna aya motif anu sejen tegesna ngan saukur nganteur kahayang wungkul. Sum’ah, ku pamolahna hayang tenar, terkenal ku lapisan masyarakat. Hikdu, nyimpen persengketaan dina hate, dendam, keuheul lamun can kabales, jauh tina rasa deudeuh kanu keuheul, resep kanu milaraan. Hasud, teu betah lamun batur narima nugraha ti Alloh, kahayangna nugraha anu aya di batur leungit. Hubbul jah, kaleledna hate cinta kana akherat sabab condong cinta kana komara, pangkat, jeung kadudukan. Hubbul mal, sagala tingkah laku paripolahna ngan saukur karna harta. Ieu sifat mangrupakeun sifat anu kotor, anu ngabutuhkeun kana pembersih, lamun henteu diubaran pasti bakal leuwih jauh ti Alloh.

Urang sebagai hamba Alloh kudu diajar miboga sifat Mahmudah, ngan moal bisa urang miboga sifat Mahmudah lamun sifat Madzmumah henteu dipiceunan heula, da otomatis lamun sifat Madzmumah leungit maka sifat Mahmudah bakal aya dina diri urang, lamun jalma geus boga sifat Mahmudah maka kanyaah Alloh bakal salawasna tumiba ka diri sabab Alloh mikacinta ka jalma anu boga jiwa Tawadlo, boga jiwa Khusyu’ ibadah di payuneun Alloh, boga jiwa Ta’dhim ngagungkeun kana parentah Alloh tegesna parentah Alloh henteu dianggap sapele saperti angin liwat, boga jiwa Ikhlas ngalaksanakeun parentah Alloh, ngajauhan sagala larangannana, teu aya anu dipiharep kajaba Ridlo Mantenna.

Jalma anu geus boga jiwa Mahmudah dimana datang panggero ti Alloh
“Fayaqulu laka : yaa ‘abdi...”
maka bakal tepi kana ati sanubarina jeung hatena bakal ngarti kana lelembutan hate anu datangna ti Alloh bari ngajawab :
“Labbaika ya Alloh” abdi ridlo dipiwarang ku Gusti, abdi ridlo ngalaksanakeun sagala parentah sareng ninggalkeun sagala larangan ti Gusti,
“Watakunu shodikon fi ijabatika”.

Konsekuensina sagala pamentana, cita-citana bakal diijabah ku Alloh bahkan anu teu dikeretegkeun oge Alloh langkung uninga.

Mudah-mudahan urang salawasna aya dina Kersa sareng Ridlo Mantenna. Aamiin ya Robbal‘alamin.

05 Maret 2008

Haqiqat Kabungah

RINGKESAN :

Moal eureun tina kabingung pikeun jalma anu teu ngarasa meunang Nugraha ti Alloh jeung moal eureun tina kabungah jang jalma anu manggihan Nugraha ti Alloh. Ku hal sakitu wajib pikeun urang ngupayakeun supaya manggihan Nugraha Alloh ku naon bae carana. Di antarana sing loba ngobrolkeun dina tiap-tiap meunang ni’mat.

PENJELASAN :

Dua sisi anu satiap saat moal leupas tina kahirupan urang. Kahiji perkara anu diharepkeun diri meunang kabungah terhindar tina kasusah, tina kabingung. Terserah eta mah bungah ku pibungaheun atawa kabungah tapi euweuh pibungahennana.

Sisi anu kadua anu sok datang ka urang, perkara anu dipikarempan, nyaeta kabingung. Boh bingung tina ladang pibingungeun atawa susah tina ladang pisusaheun, atawa pibingungeun susah lain tina ladang pisusaheun.

Bahkan kasusah jeung kabingung mangrupakeun bukti anu dibikeun ku Alloh, mangrupakeun siksa anu ku Alloh dipaparinkeun ka mahkluq. Bahwa Khaof (rasa sieun) iyeu mangrupakeun hiji ngaran tina jajaran siksa-siksa anu dipaparin ku Alloh; aya siksa banjir, aya siksa hujan batu, jeung sajabana. Di antara runtuyan siksa anu dipaparin ku Alloh nyaeta dibere jiwa sieun atawa teu ludeung, teu genah.

Bahwa bungah jeung susah satiap saat bisa datang ka urang, sabab duanana mangrupakeun ujian keur urang, ujian amis mun bungah, ujian pait mun susah. Tapi aya trik-trik atawa upaya-upaya bahwa paling henteu leuwih loba kasenangan katimbang kasieun jeung kabingung. Bahkan tiasa oge (da Alloh mah Kawasa) naon wae kaayaan anu nimpa ka diri, arek aya atawa teu aya, boga atawa teu boga, loba atawa saetik, lamun harta loba hartana, atawa saeutik hartana, atawa lain harta, tetep digiring jadi kani’matan. Lamun ilmu rek loba atawa saeutik tapi tetep digiring kana kani’matan.

Salah sawios hasil pangalaman para Ulama pikeun ngarahkeun supaya urang menuju kana arah kabagjaan, kabungah anu teu pernah eureun nyaeta diantawisna; moal eureun-eureun seseorang bakal ngancam dirina pinuh rasa kasieun, lamun Alloh parantos ngabalikkeun sagala sesuatu ka dirina, dikumaha-karepkeun ku Alloh.

Tiasa dibayangkeun ku ilustrasina bahwa ketika urang sumping dina hiji tempat anu urang can pati apal, can pati wawuh dina eta tempat, urang jalan bareng di eta tempat jeung jalma anu apal ka eta tempat, hayang ka cai kudu kamana? dituduhkeun, lamun sare kudu dimana? dituduhkeun, mun dahar kudu kamana? dituduhkeun. Tapi anu nuduhkeun ka urang, anu ngagaet ka urang, anu mere petunjukna nempuhkeun ka urang (leungit kitu wae), bakal kabayang kuralang-kuriling neangan, bingung kudu kamana leumpang? kamana arah? bingung naon cabakeun? naon obrolkeuneun? hayang kacai ge teu apal, hayang dahar ge kajeun lapar, sabab ditinggalkeun ku jalma anu apalna. Tapi lamun urang senantiasa dituduhkeun ku jalma anu apal, cek paribahasana sanajan eta lembur karek didatangan, bakal dibarengan ku ludeung, sanajan eta kota kakara karandapan tapi datang ka eta kota bareng jeung anu apaleun, sanajan teu apal kumaha eta kota, gang anu mana, jalan naon, kumaha budayana, bahasana, bakal tetep meunang katenangan, sabab datang jeung anu apaleun. Saperti kitu kira-kirana, rek kumaha urang teu susah, teu bingung lamun urang ku Alloh geus ditundung.

Moal eureun-eureun urang menyesali diri lamun ku Alloh geus diusir jeung diantep, “pek ayeuna mah kumaha karep maneh” geuning bingung luar biasa. Tapi ternyata teu eureun-eureun kabungah hiji jalma, urang moal eureun meunang kabungah, katenangan ketika lamun parantos nemrak dina jiwa urang, setiap saat kabageuran-kabageuran Alloh.

Alloh ngadawuh dina al-Quran :

Ditingalikeun ka Nabi Muhammad SAW “Kumaha perkembangan hiji jalma yatim tapi disalametkeun ku Alloh
Disaat bingung jeung susah tapi menangkeun pituduh

Dina waktu pinuh ku kamiskinan jeung kakurangan tapi ku Alloh dicukupi sahingga


Kitu gambaran jalma fakir tapi bukti bisa beunghar, jalma bodo atawa anu poek pikirannana pada meunangkeun pituduh. Tingali fakta-fakta! tingali bukti-bukti anu nyata! ternyata ku Alloh jalma anu hina nyata disalametkeun, jalma anu ditinggalkeun ku ibu-ramana nyata disalametkeun ku Alloh.

Maka dina akhir ayat

Fahaddits hartina nyaeta satiap ni’mat anu katarima osok diingetkeun ku urang.

Jadi kasimpulanna hayu urang berupaya meunangkeun kabungah hirup melalui satiap sa’at urang syukuran jeung nginget-nginget kana rupa-rupa ni’mat anu tos dipasihkeun ku Alloh ka urang.